iklan

Kamis, 01 Juli 2010

Babasan jeung Paribasa Sunda

A

Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyerieun batur

Adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna

Adean ku kuda beureum = ginding ku pakean meunang nginjem

Adigung adiguna = takabur, sombong

Agul ku payung butut = agul ku turunan

Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan

Alak paul = jauh pisan

Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euweuh

Amis = hade paroman

Amis daging = barbarian katerap panyakit

Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain

Anu borok dijorok = nu titeuleum disimbeuhan = mupuas kanu keur cilaka

Ari umur tuggang gunung, = ari umur geus kolot tapi ari kahayang

angen-angen pecat sawed siga budak ngora

Asa ditonjok congcot = ngarasa bungah pisan

Asa teu beungeutan = awahing ku era

Atah anjang = langka silih anjangan

Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kahayang salaki

Aya bagja teu daulat = rek meunang rejeki teu tulus

Aya jalan komo meutas = aya kahayang aya nu ngajak

Aya jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka

Aya piker kadua leutik = aya kahayang

Ayem tengtrem = tenang teu aya kasieun

B

Babalik piker = insap

Badak cihea = degig

Balabar kawat = beja nu seumebar

Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran

Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih

Bancang pakewuh = pikasusaheun

Batan kapok galah gawok = batan eureun kalah maceuh

Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana

Beak dengkak = sagala ihtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae

Beja mah beja = beja ulah waka dipercaya

Bengkung ngariung bongkok = sauyunan, ngariung babarengan

ngaroyok

Beurat birit = hese dititah

Bilatung ninggang dage = bungah pisan

Birit aseupan = teu daek cicing

Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur

Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan

Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya

Bodo kawas kebo = bodo kacida

Bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu bedas

Buburuh nyatu diupah beas = ngajalankeun pagawean pikeun kapentinganana,

upamana nyiar atawa nambahan pangarti, turug-turug

diburuhan

Budak keur meujeuhna bilatung = keur meujeuhna beuki dahar

dulang

Bulu kapaut = kabawa kubatur

Buntut kasiran = medit

Buruk-buruk papan jati = hade goring dulur sorangan

C

Ceueut kahareup = tereh maot

D

Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang

Deukeut-deukeut anak tales = deukeut tapi taya nu nyahoeun

Dibabuk lalaykeun = dibabuk kenca katuhu

Dibejerbeaskeun = dijentrekeun, dieceskeun

Dihin pinasti anyar pinanggih = papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh

Disakompetdaunkeun = disamarutkeun

Dog dog pangewong = acara panambah

Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah

E

Elmu ajug = bias mapatahan batur, ari sorangan teu bias

Ngamalkeun

F

G

Galehgeh gado = sagala dicaritakeun

Gantug denge = masih dedengeun

Garomengmengeun = taya kasabaran

Garo singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju

Gede gunung pananggeuhan = boga andeleun pedah boga dulur beunghar

Getas hareupan = gancang napsu

Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong

Gindi piker belang bayah = goring hate

Goong nabeuh maneh = ngagulkeun diri sorangan

Goong saba karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan

Gurat batu = pageuh kana jangji atawa mawa karep sorangan

H

Hade gogog hade tagog = jalma sopan

Halodo sataun lintis ku hujan sapoe = kahadean mang taun-taun leungit kukagorengan sakali

Hambur congcot murah bacot = goring carek tapi berehan

Hampang birit = daekan kana gawe

Hampang leungeun = gancang tunggal teunggel

Harigu manukeun = dadana nyohcor kaharep

Haripeut ku teuteureuyan = gancang kapincut kupangbibita

Hejo tihang = sok pundah pindah gawean

Harewos bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur

Heureut pakeun = kurang kaboga

Heuras genggerong = omongana sugal

Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake

Hutang salaput hulu = hutangna kaditu kadieu

I

Inggris batan maut hinis = paur pisan

Iwak nangtang sujen = ngadeukeutan pibahayaeun

J

Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna

Jati kasilih ku junta = pribumi kaelehkeun ku semah

Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeuangan

K

Kabawa ku sakaba-kaba = kabawa ku nu teu puguh

Kacai jadi saleuwi kadarat jadi = sauyunan

salebak

Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana kolot nu kababawa

Kahieuman Bangkok = jiga beunghar pedah katitipan barang batur

Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku sorangan

Kaliung kasiput = loba baraya beunghar

Kandel kulit beungeut = euweuh kaera

Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana urang nu katempuhanana

Kawas anjing kadempet lincar = gogorowokan menta tulung

Kawas anjing tutung buntut = teu daek cicing

Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awaning ambek

Kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita

Kawas cai dina daun taleus = taya tapakna

Kawas cucurut kaibunan = goring patut pisan, kulimis

Kawas gang katincak = jempe

Kawas hayam panyambungan = lumbang-limbung teu puguh

Kawas jaer kasaatan = teu daek cicing

Kawas jogjog mondok = teu daek repeh

Kawas kacang ninggang kajang = nyaritana capetang tur gancang

Kawas kapuk kasibunan = leuleus taya tangan pangawasa

Kawas kedok bakal = goring patut pisan

Kawas kuda leupas tinda gedogan = ngarasa bebas

Kawas lauk asup kana bubu = hese rek kaluar

Kawas merak = beuki kana cengek

Kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa

Kawas nyoso malarat rosa = malarat pisan

Kejot borosot = gampang nyokot kaputusan teu dipikir heula

Kelek jalan = deukeut tapi jalana taya nu lempeng

Kembang buruan = budak nu keur resep ulin

Kokolot begog = budak pipilueun kana urusan kolot

Kokoro manggih mulud = makmak mekmek

Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak

Kulak canggeum = milik nu geus ditangtukeun ku Gusti Allah

Kumaha geletuk batuna, kecebur = kumaha brehna

caina

Kurung batok = tara indit-inditan jauh

L

Laer gado = kabitaan

Lalaki langit lalanang jagat = gagah perkasa

Landing kandungan laer aisan = gede titnimbang

Lauk buruk milu mijah = marok-marokan maneh

Legok tapak genteng kadek = loba pangalaman

Lesang kuras = teu bias nyekel duit

Leuleus awak = daekan

Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbangan

Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu cilaka

Leutik-leutik ngagalatik = awakna leutik tapi gede kawani

Leutik ringkang gede dulang = manusa awakna leutik jiwana gede

Loba luang jeung dulang = loba pangaweruhna

Lodong kosong ngelentrung = jalma loba ngomong pangartina kosong

M

Malengpeng pakel ku munding = migawe nu moel hasil

Mandap lanyap = omongna lemes tapi ngahia

Maut nyere kacongona = sangsara kakolotnakeun

Meungpeun carang ku ayakan = api-api teu nyaho tapi nyaho

Mindingan beungeut ku saweuy = ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus

nyahoeun

Mipit teu amit, ngala teu menta = cocorokot kana barang batur

Miyuni kembang = loba nu mikaresep

Miyuni kohkol = nasibna diteungeulan bae batur

Miyuni tai = loba nu mikangewa

Monyet dibere sesengked = nu rek jahat dibere parabot

Monyet ngagugulung kalapa = boga elmu teu nyaho maksudna

Mopo memeh nanggung = ngarasa hoream memeh digawe

Murag bulu bitis = teu betah cicing di imah

N

Nangkeup mawa eunyeuh = ditulungan ahirna nyilakakeun nu nulungana

Nete taraje nincak hambalan = tertib mapay ti handap

Neundeun piheuleut = ngajak goring

Ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna

Ngaboretekeun liang tai dipasar = nembongkeun wiwirang sorangan

Ngadaun ngora = jadi rame

Ngadeupaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku ngarep-ngarep pamere

Ngadu geulis = paalus-alus

Ngadek saclekna nilas saplasna = nyarita sajalantrahna

Ngageuingkeun macan turu = ngahudangkeun piambekeun batur

Ngajul bentang ku asiwung = pagawean nu moal aya hasilna

Ngalungkeun kuya leuwi = nitah balik ka lemburna

Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = ari kabatur bageur ari kadulur medit

Ngarep-ngarep kalangkang heulang = ngarep-ngarep rejeki bari teu usaha

Ngeplak jawer = taya wawanen

Ngeupeul ngahuapan maneh = ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi

Ninggang kana kekecrek = nya goring rupa nya goring lampang

Nu asih dipulang seungit = kahadean dibales kahadean

Nulak cangkeng dina kelek = ngarasa luhur diri

Nyaah dulang = kabudak ngurus daharna wungkul, pendidikana teu

dipirosea

Nyalindung ka gelung = nu teu boga kawin ka awewe nu beunghar

Nyeri beuheung sosonggeteun = ngalieukan nu rek datang

Nyeungeut dammar di suhunan = barang bere haying kapuji

Nyiduhkeun kalangit = sahandapeun mapatahan ka saluhureun

Nyieun pucuk ti girang = miheulaan nyieun pipaseaeun

Nyolong bade = bangun bageur tapi jahat

Nyoo gado = ngunghak

O

Oray nyampeurkeun paneunggeul = nyampeurkeun pibahayaeun

P

Paanteur-anteur julang = silih anteurkeun

Pacikrak ngalawan merak = jalma hina ngalawan nu mulya

Paeh teu hos hirup teu neut = gering ngalangyung

Pagiri-giri calik pagirang-girang = pakia-kia teu daek sauyunan

tampian

Panjang leungeun = daek puak paok

Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = jalma lemah ngalawan nu kuat

Pindah pileumpangeun = robah adat

Pupulur memeh mantun = menta buruhan memeh gawe

Puraga tamba kadenda = digawe tamba lumayan

Q

R

Rea ketan rea keton = taya kakurangan

S

Saciduh metu saucap nyata = sakti ucapanana tara nyalahan

Saur manuk = ngajawab bareng

Sibanyo laleur = ngan saliwat geus beak deui

Sieun meubeut meulit = sieun kabawa

Silih jenggut jeung nu dugul = silih tulungan jeung nu teu boga

Sisit kadal = goreng milik

T

Teng manuk teng anak merak = kalakuan kolot nurun ka anakna

kukuncungan

Teu beunang dikoet ku keked = medit pisan

Teu gedag bulu salambar = taya kasieun

Tikikirik nepi ka jadi anjing = ti bubudak nepi ka sawawa

Ti ngongkoak nepi ka ngeungkueuk = ti ngora nepi ka kolot

Titip diri sangsang badan = mihapekeun maneh

Tuturut munding = sagala rupa nurutkeun batur

U

V

W

Wawuh munding = wawuh ngan saliwat

X

Y

Z

Tidak ada komentar:

Posting Komentar